Translate

Senin, 13 Februari 2012

lagu-lagu sunda

BUBUY BULAN
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe, panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe, unggal poe oge hade

Situ ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngaplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana.

    PANON HIDEUNG
Panon hideung, pipi koneng.
Irung mancung, Euis Bandung
Euis saha, di mana bumina
Abdi resep ka anjeunna.

Siang wengi kaiimpi-impi
Hate abdi sararedih
Teu emut dahar , teu emut nginum
Emut kanu geulis euis bandung




TRIMAKASIHKU

Trima kasihku , kuucapkan
Pada guruku yang tulus
Ilmu yang berguna.. slalu dilimpahkan
Untuk bekalku nanti…

Setiap hariku dibimbingnya
Agar tumbuhlah bakatku
Kan kuingat slalu nasehat guruku
Trima kasihku …guruku …!   

Pileuleuyan


Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

    Pileuleuyan Pileuleuyan
    Sapu nyere pegat simpay
    Pileuleuyan Pileuleuyan
    Paturay patepang deui

Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Abdi rek pindah sakola 

Sapu nyere pegat simpay
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Pacangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan

     Moal lila jeung babaturan
    Hiji wanci anu geus ditangtukeun
    Bakal pisah bakal pajauh
    Bakal mopohokeun katineung urang

Sapu nyere peugat simpay bakal kasorang
Takdir ti Gusti hyang widi bakal kalakon
Urang rek papisah, urang rek pajauh
Meungpeung deukeut hayu urang sosonan


Tidak ada komentar:

Posting Komentar