Translate

Senin, 27 Agustus 2012

Pujian sebelum Shalat



1.         SUARA ADZAN (Shubuh)
                                               Kapireng suara adzan
Di tajug ti katebihan
Sihoreng teh ngawartosan
Ngajak sholat shubuh sasarengan

Keur mu’min nu hoyong bagja
Kantunkeun tempat sarena
Indit ka masjid, ka musholla
Ikhlas ridho lillahi ta’ala

Kapireng suara kuring
Mugi-mugi janten pepeling
Jauhkeun simbut jeung guguling
Hayu urang gugah enjing enjing

Jalmi nu kenging kauntungan
Ngantunkeun tempat pangsarean
Indit ka tempat peribadahan
Ruku’ sujud, pinuh kaimanan

Sholat subuh jadi ukuran
Pikeun nguji kaimanan
Sabab malaikat nyaksian
Sareng ngiring sholat sasarengan

2.     Ya… Robby

Ya Robby sholly alan Nabi
Ya Robby ighfirli danbi
Ya Robby thohhirli qolbi
Ya Robby kaffirli danbi

           Nun Gusti wuwuh rohmat Nabi
           Nun Gusti hapunten dosa abdi
           Nun Gusti beresihkeun hate abdi
           Nun Gusti hapus dosa abdi

3.     Doa’ kanggo ibu rama

Allohummagfirlii wali walidayya warhamhumaa kamaa robbayaanii shoghiiroo

Duh gusti hapunten dosa-dosa abdi ,
Duh gusti hapunten dosa ibu rama abdi

Mugi Gusti mika asih ka ibu rama abdi
Sapertos aranjeuna asih ka abdi waktos alit.

4.     Eling-eling

Eling-eling dulur kabeh
Ibadah ulah campoleh
Berang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paeh

Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku Gusti
Najan raja nyakrawati
Teu bisa nyingkahan pati

Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun sholat

Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu meunang embung
5.     Alam Mahsar

Masya Allah matak kelar
Di akherat kabeh gelar
Tina pakuburan mencar
Karumpul di alam mahsar

Ari ngaran mahsar tea
Palataran anu lega
Panasna waktu harita
Panon poe tujuh nyata

Teu jauh tujuhanana
Kira sepal antarana
Narojo kabehanana
Ka jalma goreng amalna

Awak urang dirangsadan
Henteu boga papakean
Ngan hayang ider-ideran
Neangan anu nulungan
Henteu aya iuh-iuh
Pikeun urang tempat nyuuh
Salawsna ngan pakewuh
Nguping naraka ngaguruh

Kapir munapek ngaromong
Bener Nabi henteu bohong
Ayeuna nyata katembong
Ngan urang anu bedegong

Baheula mah teu percaya
Sugan teh ngan ukur beja
Ayeuna henteu sulaya
Sagala siksaan aya

Jeung pada marawa buku
Nuliskeun sakabeh laku
Sarta kabeh pada ngaku
Kana sunggelna buku

Si kafir kacida heran
Tuluy ngucap ka pangeran
Nya saha ieu gamparan
Nu nulis ieu lambaran

Catetanna kabeh aya
Nu awon nu sae aya
Ayeuna sadaya-daya
Si kafir teu bisa daya

Ari jalma anu iman
Taat ka syareat islam
Salirana teh cahyaan
Henteu kasorang siksaan

Mana kudu eling pisan
Getol taat ka pangeran
Supaya jadi lantaran
Ditarima iman islam

Masing daek nya ibadah
Ka Alloh nu sifat Murah
Pibekeleun ka qiyamah
Bisi panggih jeung tugenah


6.     Doa’ Nabi Adam

Robbana ya Robbana dzolamnaa anfusanaa wa illam tagfirlaanaa watarhamnaa lanakunanna minal khoosiriin

Du gusti pangeran abdi
Abdi dzolim ka diri abdi
Upami gusti teu ngahapunten
Tangtos abdi janten jalmi anu rugi

Abdi nganiaya diri
Pami gusti teu ngahapunten
Sareng gusti teu welas asih
Tangtos abdi janten jalmi anu rugi

(astaghfirullaha ta’ala lidzunubii likulliha.. sirriha wajahrihaa…. shoghiirihaa wakabiirihaa likullihaa)

7.     Eling-eling umat

Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang berjamaah sholat isya.
Eta kawajiban keur urang di dunia
Kanggo pibekeleun jaga di akherat

Mun terang ganjaran sholat berjamaah
Kabeh lalaki moal  sholat di imah
Masjid pinuh persatuan moal bengkah
Khusu’ na ibadah jeung pinuh barokah

8.     Doa’ Abu Nawas

Ilaahii lastu lil Firdausi ahlaa
Walaa aqwa ‘alan naaril jahiimi
Fahabli taubatan waghfir dzunuubi
Fainnaka ghofirud dzanbil ‘adhiimi

Aduh Gusti,  abdi sanes ahli surga
Nanging ku teu kiat nandangan neraka
Mugi Gusti kersa maparinan taubat
Gusti kawasa ngahampura sadaya dosa





9.     La haula walaa quwwata

Laa haula walaa quwwata illaa…
Illaa billahil ‘aliyyil ‘adziim

Teu aya daya …teu aya kakiatan
Anging kupitulung Allah..
Nu Maha Agung

Masih tiasa gugah, Saenggeus sare tibra
Sehat jiwa jeung raga
Kersana  Nu Kawasa

Masih dipaparinan ni’mat iman & islam
Allah nu ngarizkian
Hayu urang syukuran

Teu tiasa kaetang , moal tiasa kabilang
Ni’mat Allah kalintang
Seueur maparin ka urang

Masih tiasa ningali masih tiasa ngadangu
Masih tiasa ngambung
Kersa nu maha Agung

Hayu urang ibadah ka masjid berjamaah
Tong ngadagoan susah
Sa enggeus awak payah

Tong kufur kana ni’mat, tong nunda-nunda tobat
Meungpeung awak keur sehat
Ka masjid urang sholat

10.                         Al-Haqul Mubiin

Laa ilaaha illallah Al-Malikul Haqqul Mubiin…muhammadur Rosulullah Allah Shodiqul Wa’dil Amiin

Ya Allah pangeran abdi
Nabi Muhammad Nabi abdi
Agama Islam agama abdi
Kitab Qur’an panutan abdi

Imam syafi’i mazhab abdi
Ka’batullah kiblat abdi
Mu’min istri Mu’min pameget
Sadayana saderek abdi
Hayu batur urang tobat
Mun tobat meungpeung di dunya
Di akherat teu aya tobat
Mun tobat meungpeung di dunya


11.    Astaghfirullah

Astagfirullahal ‘adzim ..Allahal ‘adzim
Alladzi laa ilaaha illa huwal hayyul qoyyum.
Wa atuubu ilahi taubatan abdin dholim layamliku allah linafsihi

Abdi nuhun pangampura
ka Allah nu langkung  agung  )2X

Abdi teu ngamilik diri abdi kana maotna , teu ngamilik diri abdi kana hirupna..

Teu ngamilik kana hayatna
teu ngamilik diri abdi kana digelarna

12.    Astagfirullah  II

Astaghfirullahal ‘adzim li wali walidayya wali jami’ilmuslimin

Abdi neda pangampura
Ka Allah nu langkung Agung sadaya dosa sim abdi sareng dosa indung bapa kolot abdi sareng dosa sami Islam sadaya……….

13.    Nabi-Nabi Allah

Adam Idris Nuh dan Hud
Sholih Ibrohim dan Luth
Ismail Ishaq Ya’qub
Yusuf Ayyub Dan Syu’aib

Harun Musa Ilyasa’
Dawud Dzulkifli Sulaeman
Ilyas Yunus Zakaria
Yahya Isa Muhammad

Alaihimus sholatu wassalam ) 3X

14.    Sholat lima waktu

Lamun datang Shubuh,  alesana tunduh
Gawe sibuk eujeung ripuh
Hirup loba ngeluh henteu shalat shubuh
Di akherat leuwih ripuh

Datang waktu dzuhur  kesang masih ngucur
Digawe ngagedur meungpeung henteu nganggur
Henteu shalat dzuhur kana ni’mat kufur
Akherat mah lapur, henteu syukur

Lamun datang asar lain tambah sadar
Kana ibadah dilanggar
Poho shalat asar  cape tos ti pasar
Di akheratna kasasar

Datang waktu Maghrib kagok aya persib
Ka senggolan ghalib sugan alus  nasib
Ngobrol gosip aib ,setan jadi karib
Henteu sholat magrib jeung manakib

Datang waktu Isya dangdan jeung ngagaya
Nongton tv geus biasa
Nu tunduh ge aya sare teu karasa
Ngimpi nage ka naraka

Sholat lima waktu , ulah sampe buntu
Ninggalkeun sawaktu azab pasti nunggu
Ulah nurut nafsu ibadah sing khusu’
Dzikir lila kudu ulah ragu.

ooooooooooooooooO@Ooooooooooooooooo

MUSHOLLA AL-ISHLAH
KARANG TENGAH

15.    SUARA ADZAN (Maghrib)

Kapireng suara adzan
Di tajug ti katebihan
Sihoreng teh ngawartosan
Ngajak sholat  Maghrib  sasarengan

Keur mu’min nu hoyong bagja
Kantunkeun sagala perkara
Indit ka masjid, ka musholla
Ikhlas ridho lillahi ta’ala

Kapireng suara adzan
Di masjid ti katebihan
Sihoreng teh ngawartosan
Ngajak kana jalan kabagjaan

Jalmi nu kenging kauntungan
Nebihan sagala godaan
Indit ka tempat peribadahan
Ruku’ sujud, pinuh kaimanan

16.    Tombo Ati

Allahumma sholli wa sallim ‘ala sayyidina wa maulana Muhammadin . ‘adada ma fi
‘ilmillahi sholatan daimatan bidawami mulkillahi

Tamba ati yaiku lima warnane
Maca qur’an angen-angen ing ma’nane
Kaping done sholat bengi nglakonane
Kaping telu wong kang sholeh kumpulane

Kaping mpate wotenge ingkang luwe
Kaping lima dzikir bengi ingkang sue
Salah sewijine sapa bisa ngelakonane
Insya Allahu ta’ala nyumbadane






17.    Al-qoil fi kitabil ‘aziiz
Alaa bidzikrillaah tathma’innul quluub

Bil baarokah wal kaaromah
Syekh Abdul Qodir  waliyullau
Bi syafa’at Nabi Muhammad
Bi idznillah waridlallah

Ini zaman sudah akhir
Jaga iman jangan tergelincir
Lewat manaqib Syekh Abdul Qodir
Banyak ibadah  banyak berdzikir

Hidup ini tak kan abadi
Kita semua pasti kan mati
Marilah kita berbenah diri
Sebelum maut datang menemui

Hidup ini hanya sementara
Marilah kita beriman taqwa
Buat apa menumpuk  harta
Kalau iman tak ada di dada

Ya Allah Gusti kami mohon
Syafa’at Nabi Muhammad
Ya Allah Gusti kami mohon
Hidup selamat dunia akhirat


Tidak ada komentar:

Posting Komentar