Translate

Jumat, 27 Januari 2012

CONTOH DRAMA DALAM CALUNG

OLEH : CASMAD


CALUNG  I

Pemain calung masuk panggung tanpa dalang

Pemain 6        : pa dalang!… aeh2 ari pa dalang kamana?
Semua              : teuing pan tadi jeung maneh?
Pemain 6        : oh.. meureun keur meresihan ceuli         
Semua             : na kunaon kitu?
(  harewosan malapay)………………………………
Pemain 6        : heh, saenyana mah pa dalang teh, ceulina teh aya maduan. Pokona mah
   ngerakeun jadi dalang teh, .
pemain 2         : kumaha lamun sementara ganti ku maneh dalangna?
Pemain 6        : ok ok siapa takut! Ti bareto ge tong hayang dalangna si eta teh telatan
                          bae , jaba conge , cengeng ongkoh!
Pemain 2        : heh tong sok kitu oge wani maneh ka pa dalang ?( dalang datang ka panggung)
Pemain 6        Wani,  enteng pira ge dalang cetek!
Pemain 2        : lamun dalang ti hareup ……dst
Semua             : lamun ti katuhu?
Semua             : lamun ti kenca?
Semua             : lamun ti tukang? ………….
Dalang            : maneh ngomongkeun aing nya?
Pemain 6        : ampun pa dalang ampun.. hampura !
Dalang            : moal di hampura maneh ngomong naon bae tadi hah..!?
Pemain 6        : teu ngomong nanaon. Ngan ngomong kieu pa dalang teh kaseeep kawas
                           Ariel Piterpen.
Dalang             : Ari tadi tanjak tonjok kaharep ka tukang ka gigir aya naon hah?
Pemain 6        ; OOOH eta teh  bisi pa dalang aya nu ngaganggu keun uing nu nyangha
                          reupanna. Pa dalang mah cicing. Tenang!
Dalang             : Pinter sia ngabohong teh! Was ceuli aing na teh torek.
                          Geus ka ditu urang mulai bae . baris heula !
( pa dalang ngabagikeun calung)
Tapi kalah dipindahkeun wungkul)
Sanggeus pembukaan terus dalang ngenalkeun pemain calung hiji2
1.      ngaran kuring Dalang asal ti legok menol cita cita hayang jadi Bandar cendol
    mun boga kabogoh hayang nu bahenol….
            2. ngaran kuring cupang asal ti ci lumpang cita-cita hayang jadi Bandar kentang
                Tapi kalah jadi tukang jualan kutang mun boga ka bogoh hayang kanu
                buukna panjang 
            3. ngaran kuring centong asal ti gawir gorowong cita-cita hayang jadi
                Bos borondong mun boga kabogoh hayang bahepong ngagelempong.
4.  ngaran kuring bancet, asal ti leuweung kepet, cita2 hayangjadi Bandar ecet
                Kalah Jadi tukang pencet mun boga ka bogoh hayang kanu setia lengket
    kawas permen karet.
            5. ngaran kuring peujit, asal ti gunung kunyit cita-cita hayang jadi Bandar wajit
                mun boga awewe hayang kanu seungit, bodi selangit. Kalau di cubit nggak
                minta duit
(Dalang   : Alhamdulillah urang geus kabeh ngenalkeun hiji-hijina pemain calung)
Pemain 6 : heh pa dalang urang acan !
Dalang     : sugan teh maneh moal ngiluan
Pemain 6 : nya ngilu pa dalang sok kitu…, tapi ngenalkeunna urang mah pake music
                   ngarah enak.
Dalang     : sok atuh…!        
6. ngaran kuring cingok asal ti sumur sabatok , cita-cita hayang jadi Bandar
    Rongsok. mun boga ka bogoh hayang kanu denok, montok, sok make anderok,
    lamun dikodok teu ngagorowok.

Ngenalkeun enggeus urang ayeuna wang ngahibur yu ah …
Engklak-engklakan

Engklak-engklakan maripi lucu pisan
Barudak urang ngariung di buruan

Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya akherat
Daun hiris dibeungkeutan
Dibawa ka juru leuit
Anu geulis ngadeukeutan
Hayangeun dibere duit
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana

Meucit meri dina rakit
Boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
Kabogoh direbut batur
Rarasaan ngala mayang
Teu nyaho cakeuteuk leuweung
Rarasaan koneng umyang
Teu nyaho cakeutreuk hideung
Aya roda dina tanjakan
Katindih ku dahan jengkol
Aya rangda gogoakan
Katindih  ku hulu kokol

Itu gunung ieu gununng
Diadukeun pak gelentrung
Itu pundung ieu pundunng
Parebut sorabi tutung
Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Tai cakcak dina huntu
Lila-lila mah dilebok
Terong peot dina batu
Lumayan coel-coeleun
Koboy peot nyeri huntu
Lumayan toel-toeleun

Terong peot saboboko
Lumayan keur nyieun tumis
Koboy peot nongtot leho
Lumayan keur tamba tiris
Terong peot dina batu
Lumayan keur nyieun tineung
Koboy peot nyeri huntu
Lumayan keur batur keueung
Terong peot dina batu
Di bungbuan sisit kadal
Koboy peot nyeri huntu
Diparaban pais kadal

 Teruskeun kana lagu : hayang kawin


DALANG      : AYEUNA urang ngadongeng  sa urang sa urang nya?
Semua             : dongeng naon?
Dalang            : dongeng nu murwakanti, ngarti henteu murwakanti teh nyah?
Semua             : henteu….! nu kumaha?
 Dalang           : ari murwa kanti teh lamun tungtungna  a  aaaaaaa kabeh
                          Lamun i…  ii …   kabeh … kitu!?
Semua             : ooh kitu nya?
Dalang            : tah urang bagian A, maneh I , maneh U ,maneh E, maneh O,
 Maneh cingok bagian EU.ngarti?
Semua             : ngarti!
Dalang            : sok di coba heula, baris   siap grak!   AA…!
Pemain mapay:  A , I , U , E ,O, EU.. ( diulang sakali)
Dalang            : kantal…..!
Pemain           : kintil,  kuntul, kentel, keunteul,

P6                    : eta mah bagian urang!. Pan uing eu  maneh mah o o o!
P5                    : nya papa heula naon bae!
P6                    : pa dalang jadi uing bagian naon?
Dalang            : nya mikir maneh mah payah pisan?
P6                    : geusn cau ambon lah !!

Dalang            : yeuh dongengna,  aya para karaman jahat datang ka karajaan. Barang datang ka jalan rada nanjak kasampak aya rangda ngahadangan jalan, kapaksa para karaman jahat nanya? Kaman jalan ka karajaan Mataram hah?
Rangda ngajawab : tah jalana ka handap palangkakan . Nya kapaksa para karaman jahat rarampayakan jalana ka handap. Pas datang ka karajaan mataram para pahlawan karajaan ngahadangan. kalayan ngamang ngamang pakarang. Sadaya karaman jahat ngalawan ngan hanjakal pakarang para pahlawan ngahakan awakna para karaman. Para karaman jahat paragat nyawana . karajaan mataram ka ayaana aman  TAMAT…

Sok bagian maneh..Cupang!

P2        : uing bagian i  nya..yeuh dongeng na :  si didi ngintip nyi siti binti lili. Birigidig si didi gigibrig….idih idih cih! nini nini kiih …di pipir bilik kiricik kirici kiricik kiricik kiricik kiricik. Si Nini nyirinting… si didi di jiwir ! indit indit! ! si didi ngiciprit indit.
Si nini nyikikik  cicirihil hihihihihih…..Timit..
Dalang            : alus peunteun 100, sok bagian maneh Bancet!

P3        : ayeuna bagin uing. Bagian U : kuwu burujul kukulutus  murukusunu. Hulu gundul  bujur mungplu. Jurung kunung kuwu burujul muru dudukuy suuup dudukuy muru hulu nu gundul. Bul bul… kuwu burujul udud surutu tujuh puluh tujuh bungkus turug turug kuntung wungkul. Kuwu burujul muru bu kuwu nu kuru, buuk kusut , bu kuwu ucul ucul .. hulu gundul kuwu susuruduk . bu kuwu nyuksruk .
D         :Heup heup! Cilaka cilaka….Kari maneh Centong

P4        : Uing bagian E : neng een dedehem! Pelek pek… merecet mencret  ee
 Neng eem cerewed merege hese nengtet jengkel deleng , kelek hese dengdek mewek ! kekesed depe seep keresek perelek perelek pelekpek!  Mere ketek plekpek ketek jemplek belek rebek keleneng keleneng.  
D         : teu puguh maneh mah sok maneh Peujit!

P5        : om dongo ngomong kolot kolot hoyong odong odong. Tong sok ngolok ngolok ongkos . kolot sok monyong ‘ otong ocon moro kokol toloktok kokol norok tok. Tong sok sosoroh kojor rorojok logor  moro boboko nyolok momolo  copong molongpong . tong sok popolotot jongjon noong kolor morosot. Boro-boro solot ngoyos kokod cokor moyodok  kokoro ngongokos botol tosblong. Tos  tong sok ngomong bohong monyong monyong!
D         : tah kari maneh Cingok!
P6        : urang bagian eu…: euweuh!
D         : Naon nu euweuh?
P6        : eu
D         : loba sok dongeng!!
P6        : keukeuh peuteukeuh euweuh!
D         : coba heula
P6        :euleuh euleuh deudeuh, beuneur-beuneur ceuleupeung meureun deuleu…euweuh!
D         ; geus ari teu bisa mah kaditu  cicing!
P6        : beu beu weureu peuteuy meureun.. keuheul. Beungeut beureum euceuy seubeuh
 neureuy keuyep jeung beunteur!!

P6        : pa dalang urang ngalagu piano yu duet jeung urang ?
D         : lagu dangdut tea ti Oma irama
P6        : bener …! kumaha bisa.?
D         :  bisa sok atuh ka hareup Cingok!

Terus kana lagu PIANO……………………..)

Lagu  PASRAH

PUISI : S E P I………

LAGU TK      : MAMAH… PAPA…. ADA KODOK..MELOMPAT…KUWER-KUWER!

P6        : PAPA..MELOMPAT .. MAMAH DIKODOK….KUWER-KUWER!
P6        : MAMAH… MELOMPAT…DIKODOK PAPAH..KUWER KUWER!

LAGU EMBE…!

Lagu goyang dombret……(SAWERAN DARI PENONTON)………….

Music penutup!!!

tammat
$$$$$$$$$$$$$$$$$$$$ooooooooooOOOoooooooooo$$$$$$$$$$$$$$$$$$$$

Tidak ada komentar:

Posting Komentar